Menu

Dark Mode

Religi & Renungan

Dalam Bahasa Sunda: Nadoman Gusti Urang Sadayana Edisi Lengkap

badge-check


					Dalam Bahasa Sunda: Nadoman Gusti Urang Sadayana Edisi Lengkap Perbesar

Saba’da wafat éyang na
Nabi dirawat uwa na
Abu Tolib kakasih na
Sadérék teugeus Rama na.

Kangjeng Nabi sering pisan
Di candak ka Nagara Syam
Sok nyandak barang dagangan
Di dinya téh pajeng pisan.

Kacatur di éta nagri
Loba pendeta Yahudi
Sarta pendeta Nasrani
Nu tepang jeung kangjeng nabi.

Sadayana sasauran
Ieu jalma mal nyalahan
Pi-nabi-eun akhir zaman
Toret Injil geus ngiberan.

Sifat Nabi panganggeusan
Aya di anjeun na pisan
Harita loba nu iman
Ka nabi ngangken panutan.

Lami-lami kangjeng Nabi
Disambat ku hiji Istri
Dagang ka unggal Nagari
Ka-untungan na di bagi.

Istri jenengan Khodijah
Putri Huwailid katelah
Nu pang beunghar na di mekah
ka nabi kalangkung nya-‘ah.

Siti Khodijah masrahan
Ka nabi barang dagangan
Maisaroh nu ngaréncangan
Ka nabi purah nyareungan.

Kacarios Maisaroh téh
Loba pamendak nu anéh
Cicirén nabi nu soléh
Matak ngahérankeun kabéh.

Tatangkalan uluk salam
Méga bodas sok mayungan
Jeung aya cap kanabian
Dina salira na pisan.

Pamendak siti khodijah
Cocok pisan jeung maisaroh
akhir na siti khodijah
Ka nabi mundut di tikah.

Harita yuswa na nabi
Salawé tahun kawarti
ngadak-ngadak sugih mukti
Tapi tambah saé ati.

Karesep na kangjeng nabi
Ka gusti Alloh nga-bakti
Di gunung Hiro maranti
Ibadah na saban wengi.

Didinya jol kasumpingan
Jibril nu nurunkeun Qur’an
Kalawan dawuh pangéran
Nabi di damel utusan.

Harita yuswa na nabi
Pat puluh tahun kawarti
Di utus ku Alloh pasti
Nyebarkeun agama suci.

Anu iman pang heula na
Siti khodijah garwa na
Abu bakar ka dua na
Sahabat nu pang mulya na.

Murangkalih nu nonoman
Anu pang heula na iman
Sayyidina Ali pisan
Ka nabi sadérék misan.

Jeung ari jalma beuliyan
Anu pang heula na iman
Sidna bilal kaleresan
Anu jadi tukang Adzan.

Read More

Ceramah Persiapan Akhir Zaman Viral, Umat Diminta Perkuat Iman

10 March 2026 - 22:44 WIB

Arti Nama Anak Perempuan Islami Penuh Makna Indah

18 February 2026 - 20:40 WIB

Hangatnya Ramadhan 1447 H Bersama Keluarga Suara Salira

18 February 2026 - 04:30 WIB

Sya’ban, Bulan Shalawat dan Pembersihan Diri

30 January 2026 - 23:31 WIB

Bacaan Shalat Lengkap Berbahasa Arab Beserta Terjemahan Bahasa Sunda (Sumber: MTs Leuwiseeng)

30 November 2025 - 09:37 WIB

Trending on Religi & Renungan